DONGENG
Naon nu disebut dongeng teh ?
Dongeng tèh carita rekaan. Dongeng kaasup kana carita balarea. Dongeng kaasup kana wangun wancaran (prosa) tapi sakapeung osok diselang ku ugeuran atawa puisi anu disebut kawih.
Eusi dongeng loba nyaritakeun kajadian-kajadian anu pamohala, upami wae : Sasatoan bisa nyarita kawas manusa. Dongeng mah sifatna Anonimus, maksudna dongeng mah tatalepa sacara lisan tur teu kanyahoan saha anu ngarangna. Tatalepa ti hiji jalma ka jalma lian, saperti ti indung nu nyarita ka anakna, terus pas anakna gede nyarita ka keturunan na.
Kiwara dongeng tèh geus aya dibuku keun malah aya anu geus dijieun keun film. Saperti : Sasakala Tangkuban Parahu, Nyi Roro kidul, Danau Toba, Sangkuriang, Malin Kundang. Nu kacaritakeun ngalakon dina dongeng aya jalma, aya sato, tutuwuhan,makhluk lemes, jeung sajabana. Upami nilik eusina dongeng tèh bisa difasih-fasih nyaeta :
1. Fabel (Dongeng Sasatoan)
Nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan, kalawan paripolahna saperti manusa. Upama wae bisa nyarita jeung bisa mikir. Conto na :
- Sakadang kuya jeung sakadang monyet
- Gajah jeung sireum.
2. Parabel (Dongeng jalma biasa)
nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok ngahiwal, mikaseurieun, tapi lenyepkaneun. Conto na :
- Si Kabayan
- Ki Rawing
3. Legenda (Dongeng Sasakala)
nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal muasal hiji hal, tempat , barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Conto na :
- Sasakala tangkuban parahu
- sasakala ci bodas
- Talaga Warna
4. Sage (Dongeng babad)
nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah.
Conto na :
- Sanghiang Borosngora
- Prabu Kean Santang
- Pamanah Rasa
5. Mite (Dongeng Kapercayaan)
nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa parkara-parkara anu goib. Cobntoh na :
-Nyi Roro Kidul
- Ngipri Ka Siluman Oray
- Nyegik
Dongeng mibanda unsur carita, saperti :
1. Jejer (Tema)
Tema nyaeta ide,gagasan,atanapi pokok pikiran anu ngajiwaan carita
2. Latar (Setting)
Penempatan, waktu, atawa suasana lumangsungna carita.
3. Palaku (Tokoh)
Naon-naon(bisa jalma,sasatoan, tutuwuhan,atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilakonkeun dina carita saban palaku boga pasipatan atawa watek sewang-sewangan. Naha sabar,gede ambek,bageur, jsb.
4. Galur (Alur)
Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur jadi carita anu gembleng.
5. Amanat
Pesan rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.
Tata Cara Ngadongeng, nyaeta :
1. Kudu apal kana naskah dongeng
2. Ngulafalkeun kekecapan kudu bentes jeung lentongna kudu merenah
3. Pamoran (Mimik) kudu diluyukeun jeung karakter tokoh dina dongeng nu dicaritakeun.
4. Terang amanat ti dongeng nu dibawakeun
5. mun make alat peraga (dangdanan jeung proferti) kudu diluyukeun jeung eusi carita nu didongengkeun
6. Waktu ngadongeng kudu diluyukeun jeung katangtuan ti panata calagara pasanggiri atawa ti girang pangajen.